Carpon Bahasa Sunda
Emang Beca
Tos lami
kajantenanana tēh, abdi gē
di kelas genep ēsdē kēnēh. Saum kaping lilikuran, abdi diajak
balanja ku Mamah ka Pasar Pelita.
Kumargi balanja kanggo lebaran, atuh
mani sagala dipēsēr.
Bahan-bahan pikuēheun, piacukeun, dugi ka sambeuleun
sareng lalabeun kanggo buka.
Kaluar ti pasar,
Mamah milarian dēlman,tapi teu aya hiji-hiji acan. Aya
gē
bēca,
Si Emangna keur nundutan. Sanēs emang kētah,
da tos rada sepuh, pantesna di sebut Abah.
Mamah sareng
abdi hawatos bade ngagugahkeun Si Abah tēh, tapi pan anjeunna gē
nuju mialrian muatan. Digugahkeun wēh, mani tibuburanjat boa nuju ngimpen
Si Abah tēh.
Balanjaa dihanjatkeun
kana bēca,
dibantuan Si Abah. Geuleuyeung maju lalaunan,kantenan basa nyorang tanjakan mah
bēca tēh karaosna asa gigibegan.
Kumargi hawatos
ka Si Abah, Mamah bade lungsur tina bēca. Tapi saur Si Abah tēh
wios nu turun mah.Teras Bah ngadorong, kakuping eni rerekētan
bēcana,
sanēs tuur Si Abah. Dugi karorompok, nuju panas ērēng-ērēngan.
Abah mani ngoprot kēsangna. Hawatos, jaba ngiring
ngabantuan nurun-nurunkeun balanjaan, teras dugi ka pawon.
Di lebet, Mamah
ngaharēwos. Pasihan cai eueut Si Emang
saurna.Teras Mamah ngawadahan kuēh kana pisin, abdi nyician citēh
bari kana lumur. Barang srog abdi ka payun, karērēt
Si Abah nuju ngalungsar nyanghunjar lambar bari ngageberan salirana ku
dudukuyna nu rawing. Ēnggal kuēh
dina pisin sareng caina disimpen payuneun Si Abah. Nu di sangka badē
haripeut tēh kalahkah bengog neuteup leueuteun,
teras Abah ningali ka abdi. Abdi mundur, sieun Abah bendu.
“ Da Emang gē
saum, Enēng. Candakan deui we ka lebet,
saurna. Rupina waē Mamah ngadangueun, teras norojol ka
tepas bari pupuntenan ka Abah teu cekap ku sakali punten deui punten deui.
Sajabi ti diongkosan, Abah ku Mama dibahanan bēas,
teu kant- un kuēh tēa
dibahankeun. Mani dodongkoan Si Abah tēh nampina - nganuhunkeun sababaraha kali. Malih aya
tambihna, “Diduakeun
- ku
Emang, Ibu sing ēnggal-ēnggal
jarah ka Mekah, saurna. Diaminan ku
Mamah sareng Abdi.
Waktos Si Abah tos ngalēos,sanggem
abdi ka Mamah, Geuning tukang bēca
gē
aya nu saumnya Mah?ˮ
“Muhun Mamah gē
teu nyangka, saur Mamah teras ka jamban bade netepan duhur.
Lami teu tepang sareng Si Abah, dugi ka
boboran. Di Lapang Merdēka, sabubarna netepan Id, gok Si
Abah. Horeng namina tēh Bah Toha, harita sareng bojona
sareng putrana nu sapantar sareng abdi. Diaracuk, sanaos teu ginding ogē
tapi bereresih, katinggal sandal capit Bah Toha weuteuh kēnēh.
Teu hilap harita ogē
Bah Toha ku Mamah sareng Apa dikeupeulan, sapertos biasa wē
nganuhunkeun sababaraha kali. Nuhun, nuhun, nuhun.
Alhamdulillahirobbil’alamin.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar